Kumpulan
Pantun Sunda
Poe
salasa tumpak kuda
kuda
paninggalan walanda
urang
mah urang sunda
atuh
pake basa sunda
kangkung
diasakan ku randa
ngeunah
pisan rasana
angklung
teh asli ti sunda
kuring
nu bogana
aya
pawang buhaya
pawangna
ulin ka persia
kudu
nyaah kana budaya
bisi
dicolong ku malaysia
hayang
ulin ka gunung gede
di
gunung aya buhaya
urang
sunda sing harade
sing
nyaah kana budaya
ulin
ka jalan juanda
sawaktos
bulan puasa
mun
ngaku urang sunda
tong
poho kana basa
aya
jalma teu boga alis
sabab
getol dikerokna
neng
geulis tong gumeulis
sabab
rujit nenjona
baju
teh apan disewakeun
disewakeun
ku indung sia
basa
sunda sok atuh gunakeun
saeuncan
diaku ku malaysia
aya
huma dekeut situ
eta
huma nu bogana randa
naha
urang sunda teh kitu
alim
nyarios ku basa sunda
majar
maneh rek ka huma
ka
cai ngajingjing kendi
majar
maneh rek karunya
lila-lila
nganyeyeri
paingan
cacing barijil
halodo
katinggang hujan
paingan
teu genah cicing
kabogoh
aya nu neang
baju
hejo dibulao
kembangna
katuncar maur
seubeuh
nenjo ti bareto
geus
gede dikawin batur
Majar
maneh cengkeh koneng
kulit
peuteuy dina waru
Majar
maneh lengkeh koneng
kulit
beuteung meuni nambru
ka
Bandung kuring ka bandung
sukajadi
keur marema
kaduhung
kuring kaduhung
heunte
jadi ka manehna
kamana
ngaitkeun kincir
sakieu
panas poena
kamana
ngaitkeun pikir
sakieu
panas hatena
cau
ambon dikorangan
korangna
ka pipir-pipir
manehna
ambon sorangan
urangna
teu mikir-mikir
samping
hideung dina bilik
kumaha
nuhurkeunnana
abdi
nineung ka nu balik
kumaha
nuturkeunnana
diputer-puter
paseukna
ari
pek beunang talina
diincer-incer
lanceukna
ari
pek meunang adina
itu
gunung ieu gunung
gunungna
gunung arjuna
itu
pundung ieu pundung
pundungna
bet duanana
aya
oplet maju ngidul
kuring
wawuh ka supirna
diajar
teh ulah ngedul
bisi
kaduhung ahirna
Majar
maneh nganyam samak
neukteukkan
bari motongan
majar
maneh neang anak
ngadekeutan
popotongan
kuma
suling kuma suling
suling
teh ngan silung wae
Kuma
kuring kuma kuring
kuring
teh ngan bingung wae
Aya
hiji balon rek bitu
sabab
kagencet ku buhaya
naha
urang sunda teh kitu
mopohokeun
kana budaya
Aya
jalma teu boga banda
sadayana
tos dipasihkeun
angklung
teh ti tatar sunda
naha
urang bet mopohokeun
ulin
ka laut banda
naha
jadi nalangsa
kuring
teh urang sunda
kuring
nyaah kana basa
di
kebon sato aya panda
panda
ngahakan kangkung
budayakeun
budaya sunda
bilih
lapur kawas angklung
kamari
ulin ka samarinda
trus
nyimpang ka bima
kuring
mah da urang sunda
nyebat
ka indung teh emak
diluhur
aya bandera
bandera
gambar panda
naha
kuring kudu erapan
ieu
teh basa sunda
0 komentar:
Posting Komentar